bisnis online, jual beli online, sistem pembayaran, pembayaran online, bisnis online
Powered by Blogger.

MENU UTAMA

Entri Populer

Search

Laman

Pupuh Balakbak

PUPUH BALAKBAK

Laras                      : Degung
Suruppan               : 5 = kenong/loloran

BEBAS WIRAHMAH

Ya monyet tinggun tayang
 Dina tangkal nerekel
Jalu bikang jeung anakna
Sukan-sukan rarecet
Tingcalekroh-ting calekroh
Ngakanan jambu nu asak teu repeh

Kocap aya begog nu misah sorangan ��garetek
Kulit manggu pirang-pirang di hakanan��.diseget
Dipicenan-dipicenan
Sabab pait karasana�����molelel

Katenjoeun kuindung na dicontoan ��..dipesek
Nu di hakan eeusina anu barodas �.amis teh 
Geus-geus kitu mah,geus kitu mah
Anakna ngarsana bungah����..nyerengeh

RUMPAK PUPUH BALAKBAK
� UCING NGARONTOK MANUK �

aya manuk entep dina regang dahan�cinenten
ucing ngintip ngadepong asoy-asoyan�si emeng
sanggeus deukeut,sanggeus deukeut
dirontok arek dihakan��..bermanten

ucing sial tigebrus dasar ker sial�.kusue
hans ngintip titadi ges lila p[isan     kerenyeng
kar-kari-kari-kari
kalah ti gebrus cilaka�si emeng

kabeneran ku jalma nu rek nimba�katangen
ditulungan ucing di asongan timba�nyanggereng
pek ditarik, pek ditarik
ati-ati lalaunan��dikerek
geus kaluhur si emeng gancang jleng luncat�..ngelemes
uang-eong nganuhunkeun kanu haat�.ges ngerek
tadina mah, tadi na mah
disangkana eta jalma �������.rek goreng

Comments :

0 comments to “Pupuh Balakbak”

Post a Comment